Ku teu sangka, ku teu nyana
Anjeun téga ngantunkeun abdi
Cinta nu lawas némbongan
Ahirna kedah pegat di jalan
Handapeun dahan camara
Di dinya kungsi patali ati
Kadeudeuh urang duaan
Moal sirna saumur dunya
Duh, Engkang, naha téga abdi nandangan tunggara?
Duh, Engkang, hujan cinta, jadi hujan cimata
Duh, Panutan, naon lepatna?
Abdi nganti, sing énggal mulih deui
Handapeun dahan camara
Di dinya kungsi patali ati
Kadeudeuh urang duaan
Moal sirna saumur dunya
Duh, Engkang, naha téga abdi nandangan tunggara?
Duh, Engkang, hujan cinta, jadi hujan cimata
Duh, Panutan, naon lepatna?
Abdi nganti, sing énggal mulih deui